Jumat, 27 Januari 2012

DO'A PENYEJUK JIWA

oleh Neni Geo Albanjari pada 25 Maret 2011 pukul 19:16
Kumpulan Do'a Di Buku Bahan Renungan Kalbu

Bismil Laahir Rohmaanir Rohiim..
Ya Allah Yang Maha Pengasih.. Janganlah Engkau hukum aku bila aku terlupa mengingat-Mu,
jangan Engkau tinggalkan aku bila aku lalai mengagungkan-Mu, & jangan pula Engkau biarkan
aku bila aku terperosok dalam perangkap kenikmatan dunia..

Allahuma Ya Allah.. Maksiat yang kulakukan tidaklah untuk menentang-Mu, bukan pula karena mengabaikan siksa-Mu, atau pun menantang hukum-Mu, tetapi semata-mata karena kebodohan
& kelemahanku terjerat hawa nafsu belaka... Kasihani aku karena kelemahanku ini Ya Allah..

Ya Allah Ya Rahman Ya Rahim.. Aku bermohon pada-Mu, penuhilah kalbuku dengan cinta & rasa takut kepada-Mu, dengan keyakinan & keimanan pada-Mu, serta dengan rindu & rasa takut berpisah dengan-Mu.. Bimbinglah agar aku dapat meningkatkan akhlakku mengikuti akhlak Nabi-Mu yg mulia Muhammad SAW..  Bantulah aku agar aku mampu bersyukur kepada-Mu..

Allahuma Ya Allah..
Engkau menampakkan kepadaku rasa kasih sayang-Mu dengan nikmat-nikmat-Mu
,tapi aku menimpalinya dengan dosa-dosa.. Turun kepadaku kebaikan-Mu, naik kepada-Mu kejelekanku.. Malaikat senantiasa datang kepada-Mu membawa perbuatan-perbuatanku yang buruk, tapi hal itu tidak mencegah-Mu untuk menyebarkan belas kasih-Mu & menganugerahkan nikmat-Mu..

Besar sudah bencanaku, berlebihan sudah kejelekan keadaanku, rendah benar amal-amalku, berat benar belenggu malasku, dunia dengan tipu dayanya telah memperdayaiku,
Wahai junjunganku.. Aku bermohon pada-Mu dengan segala kekuasaan-Mu, jangan Kau tutup doaku karena kejelekan amal & perangaiku, anugerahkan padaku manisnya ampunan-Mu, & lezatnya magfirah-Mu.. Perbaiki shalatku dengan curahan anugerah-Mu, keluarkan dari hatiku kecintaan pada dunia.. Sebagaimana yang telah Engkau lakukan terhadap hamba-hamba pilihan-Mu sebelum aku..

Kamis, 26 Januari 2012

Bismillah...

 Diajar nyerat Fiksimini Basa Sunda : Neni Geo Albanjari

Fikmin # piit ngeundeuk ngeundeuk kiara #
Rahayat jojorowokan nepi ka jerit jempling, hayang diaku ku DPR, teu dienge samenel ge. Atuh rahayat lalimbung ngemu kabingung, nanahaon atuh ari DPR teh? Pananya nu sarupa minuhan hate rahayat.
Fikmin # pucuk seuneu #
Seuneu nu ngabebela dina panungtungan peuting, nyaksrak panasna kana sakujur awak, letahna ngalentaban kana hate nu geus diceboran ku tugenah. Angin peuting nu ngagelebug teu mampuh mepeskeun ruhay nu nyaliara na badan, cai laut nu tingjelegur teu bisa niiskeun pikir nu geus katiir jalir. Manehna Anteng na pucuk seuneu, silalatuan, ngadago luang, ngadodoho waktu. Sret, pucuk seuneu ku manehna dirobah jadi hinis dengdem nu terus bayangan ngarencah hate manehna, diturihan, disesebet, disiksik tuluy diawurkeun ka palebah bebenena nu keur oleng panganten.
 
Fikmin # Apet #

Manehna kawentar jalma ludeungan. Peuting ieu teh malem jumaah kaliwon, jam hiji kakara balik ti imah babaturanna, meh teu jauh teuing, ngahaja jalan norobos nu ngaliwatan dapuran awi jeung makam. "Kang Ubed ngiring..." werrrr.....aya sora awewe ngagentraan ngaranna dibarengan jeung seahna angin, reg manehna ngarandeg, luak lieuk, breh belah kencaeunana aya awewe geulis keur diuk dina bangku handapeun tangkal buah. Teu nembal, manehna ngagancangan leumpangna, palebah pengkolan, " Kang Ubed...ngiriiing...!", manehna ngaranjug hareupeunna aya deui jirim awewe, ngan wajahna robah robah pikasieuneun, ngadenge deui ngagero, teu ditolih, beuki gancang sukuna ngalengkah, " Kang Ubeeeedddd...ngiriiiiinngg....!!?. Geleber sora nu hiber, bleg...wwuuuusssss...woorrrr.... Geuwat babacaan teh ditarikeun ayeuna mah, "Hheuh...hheuh...karasa ceulina panas ku napas nu sakitu nompona." Kang Ubed....abdi hoyong ngiring Kang...", sora awewe nu ngirung haroshos pipireun ceulina," Tobatttt... hampun...hulah ganggu dewek, milu ngaliwat hungkul", nahap nahapkeun manehna cacarita. "hheuhh...heuhh...han abdi ge ju ngantosan nu ngaliwat, meh aya batur uih Kang" ceuk eta sora awewe ditukangeunnana. Soak hate manehna, amprok jeung dituturkeun mah. Belenyeng manehna lumpat sakalumpat lampit, " Hihihihihihihi..... hihihihihi..... sora nu ngahihih teh nuturkeun luhureunnana. Geus nepi ka lemburna, manehna teu eureun lumpat, laju muru imahna. Nepi kana panto imahna teh, tuluy gegedor jeung gogorowokan, " Maa Bukaaa...Maaa...Maaa...bukaaaa", kulutrak panto muka, " Kang Ubed... abdi pan hoyong ngiriiiing..." Jirim awewe nu nuturkeun teh, ngabageakeun manehna di imahna.
Fikmin # takdir #

Anjeun jeung kuring ngarumat duriat sina pageuh, nguntun asih beuki masket. Datang takdir nu teu kudu seseleke nerapkeun kahayangna. " Pileuleuyan enung, geuning jodo akang sobat anjeun, hampura..."
16 Januari pukul 14:44

# Mapag Taun Anyar #

Basa manehna ngagugulung fikmin, karasa sirahna puyeng jeung lieur. Pangpangna sanggeus macaan fikmin beunang nu sejen. Leng...leng...bumi alam teh muter ngurilingan manehna." Ampuuunnn...meunggeus atuh nguirna pan uing teu kuat", bari sagala dirawel sugan bisa dipake cecepengan, manehna tamada kanu nguir nu teu daek eureun. Manehna ngudupruk teu walakaya, bumi alam lalaunan sareh, cekat cekit...reg eureun. Manehna masih ngararasakeun," Euh geus eureun geuning," tuluy dangdak dengdek bari ngoclak ngoclek sirahna. Guligah teh teu lila, lieur teh datang deui leuwih tinu tadi, manehna heran," Naha kunaon ieu teh, pan  bumi alam mah itu keur anteng". Leng...leng...leng...asa nureleng kabungbulengan. Panasaran bari nahan tunggara ge manehna ngahontal sirahna, kerewek kana sirah nu oglak oglek, rurusuhan muka otak jeung pipikiranana," Aaghhhh...", maneh nepika jumarigjeg, reuwas lain dikieuna, eusi otakna geueuman ku petengna bangbaluh dunya  " Ampuuunn... Gustiiii... ", bari lumengis nalangsa. Lalaunan manehna nyengkatkeun sirahna, karasa aya nu haneut kana hatena, tanggah ngemu harepan, cle sukuna niti hambalan harepan, bray panto taun anyar muka," Gustiiii...abdi ngadeuheus ka salira".

Taun anyar, 1 Muharam 1433 H
malem ahad, 26 November 2011

Peuheur

oleh Neni Geo Albanjari pada 18 November 2011 pukul 20:03
Ningal budak nu ceurik nginghak bangun tugenah bet meni karasa nyentugna kana jajantung. Budak teh kapanggih ku babaturanana keur ngagurat gurat leungeunna ku silet, sanggeus beres diubaran di UKS,  dipanggil ka rohangan BP
."Kunaon atuh pangna hidep ngalakukeun kitu?" budak teh ukur gideug jeung gideug we, teu ieuh nembalan kalah nginghakna beuki kerep.
" Geus atuh ayeuna mah ibu titip saur ka sepuh hidep, eta mah bade mamah atawa bapa, diantos enjing jam 8 di sakola..." , teu kebat, budak kaburu nginghak," Mamahna ge teu aya... nuju ka Bandung,"
" Bapa mah aya pan?"
" Sami teu aya...nuju angkat sareng istrina... hiks...hiks...",  budak teh ngadingdiut ceurik eueuriheun.
Kuring nu teu payaan mun aya nu sedih, cimata nu tatadi ngembeng, langsung ngalembereh, duh geuningan lalakonna asa jauh tina sawangan, nu kuduna endah geuning peuheur.  Di juru rohangan, kuring  nginghak hujan cimata getih...peurih, langit ge milu angkeub kulawu, kudu kumaha pilampaheun pan kuring rek jadi nu kadua  ...asa teu wasa...


Fikmin # boa boa #
Hatè mah ngajerit, sadar,yèn pacabakan tèh dilarang ku agama jeung hukum, lain rampok komo koruptor, tapi saukur pelantara...gerentes hate ngomong sorangan.
'' Kumaha kang, tos aya ? " sora lalaki nu meujeuhna disebut aki-aki, muyarkeun lamunan kuring.
''Parantos..budakna tos aya dikamar no 207..''
'' Nuhun kang, yeuh jang udud..." kituna tèh bari ngusiweulkeun duit 50rebuan dua lambar kana saku kuring.
Tah èta pacabakan kuring, nu geus dilakonan mangtaun-taun, nepika boga budak awewe, parawan umur 16 taunan.
Gebeg....reuwas, barang ningali budak awèwè nu dibikeun tèh dedeganna sarua jeung budak kuring, sarua di seragam sakola kènèh. Beungeut pias, ras inget ka budak sorangan, '' boa-boa..."

Karya: Rudya Kuz
Banjar, senen, 30 Januari 2012

  Fikmin," Hanjelu"
'' jadikeun waè kitu ?'' gerentes hatè kuring nanya sorangan.tekad geus buleud.keteyep kuring kaimah mitoha,sup ka kamarna.nyampak mitoha sarè tibra naker,dibarung ku hujan gedè diluar.rekét panto lomari dibuka,sakilat bungkusan kèrèsèk nu jero na duit,ku kuring dicokot,leungit ditelen ku poèkna peuting.
Rebun rebun kuring geus kaluar ti imah,pamajikan nanya gè teu ditolih,maksud rèk ngampihkeun duit hasil tadi peuting,panon lulungu,pangacian can kumpul teu dipalirè.sorodot..! gujubar kuring labuh ka sisi wahangan,plung bungkusan murag kabawa palid caah ,balas hujan tadi peuting.kokosèhan kuring nèangan.lebeng teu kapanggih.antukna kuring balik deui ka imah.dug sarè.
Hawar hawar kadèngè aya nu uluk salam..tuluy nyarita semu dumareda.
'' nyai,hampura abah jeung ambu,duit ladang buburuh tani,menang 3 bulan,tadi peuting aya nu maling,mangka èta duit ngahaja jang sakola anak manèh jaga ka SMP '' Segruk kolot,budak jeng incu careurik.
Bumi asa muih,langit asa runtuh.hanjelu kacida.nyeuri taya papadana,kuring ngahèphèp mèh kapiuhan...
karya : Rudya Kuz
Selasa, 31 Januari 2012
Fikmin # Bati Ngaronda #
Peuting ieu, Juhe jeung Ongki ngurilingan lemburna keur ngaronda. Di deukeut hiji imah, nenggang tinu sejen, maranehna ngarandeg, " Duh, asa sono kanu geulis!",
ceuk Juhe," keur aya di dieu jigana mah!"."Enya, tadi sore kaciri
mobilna aya liwat", walon Ongki.
"Yuk, ah! Urang tempo sakeudeung, sugan we aya milik, bisa neuteup nu geulis!", ceuk Juhe, bari sukuna mah geus ngalengkah ngadeketan imahna , Ongki nuturkeun bari semu luak lieuk ngarasa keueung , tara tara ti sasari.
Geus rada deukeut, duanana tingketeyep kana jandela, nu hordengna can nutup, jadi eces ka jero imah. Nu geulis teh keur paduduaan, jeung jajaka tegep, sembada. Juhe ngageremet, Ongki mah jongjon nempokeun nu keur nyacapkeun asih, ngabudalkeun asmara. Silih usap rema, silih keletan, si jajaka geus teu sabar, merenahkeun diri, ngalageday na sofa empuk. Tuluy nangkeup nu geulis, beuki papukeut,” Aaaarrggghhhhh….”, jajaka ngajerit, nyiksik jempling, tuluy kokolojotan, awakna kaciri meotan, beuki peot, saacan bahamna leupas tina baham nu geulis, si jajaka ngaleupaskeun nyawana, dina kaayaan waruga pikawatireun, garing. Juhe jeung Ongki ngayekyek, tuluy kapiuhan.
Banjar, selasa, 13 maret 2012

Senin, 23 Januari 2012

sajak sunda

Kumpulan sajak sajak Neni Geo Albanjari

duh...!!?

oleh Neni Geo Albanjari pada 24 November 2011 pukul 20:26
asa langki salira imut nu ngirut
disarengan ku teuteupan nu liuh
kasaha imut salira dibaledogkeun?

galindeng tresna natrat na soca salira
hariring asih lumirih na geterna soara
kasaha salira  nyampaykeun deudeuh?


Salira
oleh Neni Geo Albanjari · 15 Januari 2012

Salira
nu ngagentra dina simpe
nu galecok teu jeung moyok
nu ngageuing sangkan eling

Salira
batur diskusi...
sobat...
kadang beda pamadegan
kadang sarua egois
kadang silih geuing silih elehan

Salira
ukur kalangkang sakolepatan
ngarobih diri janten warna katumbiri
nuhun... gerentes hate kebek ku tumarima

Banjar, Minggu 15 Januari 2012


Bismillah...

oleh Neni Geo Albanjari pada 5 Desember 2011 pukul 19:44
Bismillah....
hambalan poe teu weleh nganti
teu nolih hoream disorang ku harepan
langit bulao mayungan ku guligah rasa
langit kulawu angkeub ku lalangse lara

hambalan poe teu weleh surti
mapag sagala rasa rumasa
dumalit dina sagara asih Mantenna
gumulung jeung  kaheman Anjeunna

Bismillah...
nincak hambalan hate teu weleh pasrah
tiap lengkah ngancikeun harepan
ngawelah kahirupan na ridho Alloh SWT

senen, 9 muharam 1433 H


Rasa ti salira

oleh Neni Geo Albanjari pada 6 Januari 2012 pukul 19:21
Rasa ti salira mapaesan lalangit kalbu, dipulas  bulao ngaligarkeun asih na weningna ati
dirumat ku rema kaheman ngagolontorkeun katresna nu ngagulidag

Rasa ti salira ningkeuran hate ku simpay kadeudeuh, dipiguraan ku kuwung kuwung kasono
diuntun ku salempay kamelang dina pasini nu nganti wanci

Rasa ti salira nyumiratkeun gumiwangna cahya harepan, lir lampion pusaka ratuning rasa
dipulasara ku hibarna kanyaah nyumanding na geleterna cinta nu rosa

Rasa ti salira nyaliara teu kawawa na mayakpakna bodasna asih sumeleke na dasar hate
 dipupusti ku rasa rumasa, ngabagjaan  raga sukma mugurkeun kamangmang


jumat peuting, 6 januari 2012
Banjar kenangan


"katiga"

oleh Neni Geo Albanjari pada 29 September 2011 pukul 11:13
wanci beurang nu ngarangrangan
ngahegak nanjak ka manceran
ngarangsadan ku kesang kamelang
bayeungyang...
katiga nu ngajega
handaruan bayu karingrang
mitapak na lemah kameumeut
hariwang...

290911
nu sono kana hujan



sa

oleh Neni Geo Albanjari pada 14 November 2011 pukul 17:36
sajak kuring

dangiang peuting nu ngembat kasono
mukahkeun ajen nu ngancik na diri
kasarad ku motahna kageugeut
kajiret ku teuteup salira

peuting jeung hujan ngahucuhkeun
temah wadi geus karumpak
geusan nyorang ngangkleungna rasa
nu nyamuni dina deudeuh

diedit ku salira

kasono ngembat na dangiang peteng peuting
mukahkeun ajen nu ngancikan diri ngajengjen lali
kararad kasered ku geugeut motah
kabeungkeut kajiret ku teuteup mijah

hambalan jeung hujan ngahucuhkeun
temah wadi karumpak kawani
ngangkleungan rasa
nyorang asmara boraah risi
na deudeuh nu nyamuni


@Jazzakallohu khoiron katsiron Kang...


sawarna

oleh Neni Geo Albanjari pada 14 Oktober 2011 pukul 0:43
beureum, na beureum anjeun motah
marengan katresna nu kabungbulengan

beureum, na beureum anjeun jumerit
ngudag mesatna asih nu mumbul ka alak paul

beureum, na beureum anjeun tumanya
ngojayan hariwang na sagara mangmang

beureum, na beureum anjeun tibelat
mudalkeun  kasono nu leber na rohang simpe

beureum, na beureum anjeun lumengis
nganteur jerona kapeurih na leuwi tunggara

 
kanggo salira nu salin jinis
kemis tengah peuting,13102011


Sajarah urang duaan                                                      - dalit -

tepung munggaran 7 taun katukang
harita kuring ngaliwat palebah dinya
waktu anjeun mimiti narik ati kuring
teu sirikna unggal poe dilindeukan
micangcam anjeun
hiji waktu hate ngajenghok anjeun teu nampeu
disusud ka unggal tempat
nyusud lacak anjeun nepi ka jauhna...
poe kadua, aya kelemeng raratan anjeun
tepung deui rasa bagja minuhan hate
katarik ati ku dedeg pangadeg jeung rupa hade
pasini ngajadi, anjeun  milik kuring

ngamimitian bareng  aga eugeu asa asa
menang saminggu urang mimiti wanoh
kabiasaan, kahayang, keresep urang duaan
ku basajanna anjeun...jeung ngartina kuring
ti harita urang jadi dalit teu beunang dipisahkeun
sasat gegentetan reureujeungan
nu lian geus pada nganyahokeun
anjeun nu kuring, kuring nu anjeun
teu wasa ngalangeu nyorangan
teu werat papisah jeung anjeun

babarengan salila tujuh taun, endah...
ku ayana anjeun, duduluran jeung nu lian beuki rakeut
sosobatab jeung nu jauh beuki pageuh
kuring beuki kapigandrung
teu sirikna diteuteup diusap
geus puguh dikeukeuweuk jeung dikeukeup mah
tapi takdir teu bisa dipungkir
aya waktuna patepung
aya waktuna papisah
nepi hiji waktu, anjeun miang teu pamitan
hate hanjelu, nganaha naha
keclakna cipanon nu ngamalir teu karasa
nganteur kuring istigfar
nampi kana takdir kalayan ikhlas
ngikhlaskeun anjeun, henpon kameumeut, dirawatan kunu sejen

jumaah, Romadhon
12 Agustus 2011


sajak ti salira ( kenangan nu moal dipopohokeun )

oleh Neni Geo Albanjari pada 22 Juli 2011 pukul 17:30
>>Beurat

rasa kuring ka salira sanes reumis janari..
Nyulusup dina kalbu saban waktu..
Sumarambah kana bayah tiap mangsa..
Matri kana ati tiap wanci..

Salira ibarat kembang,
nu mangkak ka sorenakeun..
Tapi najan kitu..
Seungitna nyambuang ka madhab papat..
Narik kumbang pikeun datang..

Ti kajauhan kuring nyawang..
Rasa nu pinuh kamelang..
Mangsa salira meh aya nu ngadongkang..
Kuring manggih jalan pasampangan..
Antara gumbira sareng hariwang..