Bismillah...
Diajar nyerat Fiksimini Basa Sunda : Neni Geo Albanjari
# Mapag Taun Anyar #
Basa
manehna ngagugulung fikmin, karasa sirahna puyeng jeung lieur.
Pangpangna sanggeus macaan fikmin beunang nu sejen. Leng...leng...bumi
alam teh muter ngurilingan manehna." Ampuuunnn...meunggeus atuh nguirna
pan uing teu kuat", bari sagala dirawel sugan bisa dipake cecepengan,
manehna tamada kanu nguir nu teu daek eureun. Manehna ngudupruk teu
walakaya, bumi alam lalaunan sareh, cekat cekit...reg eureun. Manehna
masih ngararasakeun," Euh geus eureun geuning," tuluy dangdak dengdek
bari ngoclak ngoclek sirahna. Guligah teh teu lila, lieur teh datang
deui leuwih tinu tadi, manehna heran," Naha kunaon ieu teh, pan bumi
alam mah itu keur anteng". Leng...leng...leng...asa nureleng
kabungbulengan. Panasaran bari nahan tunggara ge manehna ngahontal
sirahna, kerewek kana sirah nu oglak oglek, rurusuhan muka otak jeung
pipikiranana," Aaghhhh...", maneh nepika jumarigjeg, reuwas lain
dikieuna, eusi otakna geueuman ku petengna bangbaluh dunya "
Ampuuunn... Gustiiii... ", bari lumengis nalangsa. Lalaunan manehna
nyengkatkeun sirahna, karasa aya nu haneut kana hatena, tanggah ngemu
harepan, cle sukuna niti hambalan harepan, bray panto taun anyar muka,"
Gustiiii...abdi ngadeuheus ka salira".
Taun anyar, 1 Muharam 1433 H
malem ahad, 26 November 2011
Ningal
budak nu ceurik nginghak bangun tugenah bet meni karasa nyentugna kana
jajantung. Budak teh kapanggih ku babaturanana keur ngagurat gurat
leungeunna ku silet, sanggeus beres diubaran di UKS, dipanggil ka
rohangan BP
."Kunaon atuh pangna hidep ngalakukeun kitu?" budak teh ukur gideug jeung gideug we, teu ieuh nembalan kalah nginghakna beuki kerep.
" Geus atuh ayeuna mah ibu titip saur ka sepuh hidep, eta mah bade mamah atawa bapa, diantos enjing jam 8 di sakola..." , teu kebat, budak kaburu nginghak," Mamahna ge teu aya... nuju ka Bandung,"
" Bapa mah aya pan?"
" Sami teu aya...nuju angkat sareng istrina... hiks...hiks...", budak teh ngadingdiut ceurik eueuriheun.
Kuring nu teu payaan mun aya nu sedih, cimata nu tatadi ngembeng, langsung ngalembereh, duh geuningan lalakonna asa jauh tina sawangan, nu kuduna endah geuning peuheur. Di juru rohangan, kuring nginghak hujan cimata getih...peurih, langit ge milu angkeub kulawu, kudu kumaha pilampaheun pan kuring rek jadi nu kadua ...asa teu wasa...
Fikmin # boa boa #
Hatè mah ngajerit, sadar,yèn pacabakan tèh dilarang ku agama jeung hukum, lain rampok komo koruptor, tapi saukur pelantara...gerentes hate ngomong sorangan.
'' Kumaha kang, tos aya ? " sora lalaki nu meujeuhna disebut aki-aki, muyarkeun lamunan kuring.
''Parantos..budakna tos aya dikamar no 207..''
'' Nuhun kang, yeuh jang udud..." kituna tèh bari ngusiweulkeun duit 50rebuan dua lambar kana saku kuring.
Tah èta pacabakan kuring, nu geus dilakonan mangtaun-taun, nepika boga budak awewe, parawan umur 16 taunan.
Gebeg....reuwas, barang ningali budak awèwè nu dibikeun tèh dedeganna sarua jeung budak kuring, sarua di seragam sakola kènèh. Beungeut pias, ras inget ka budak sorangan, '' boa-boa..."
Taun anyar, 1 Muharam 1433 H
malem ahad, 26 November 2011
Peuheur

Karya: Rudya Kuz
Banjar, senen, 30 Januari 2012
Tidak ada komentar:
Posting Komentar